Tampilkan postingan dengan label Basa Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Basa Sunda. Tampilkan semua postingan

Pengertian Artikel dalam Basa Sunda

pengertian artikel dalam basa sunda
Pada kesempatan kali saya akan membahas mengenai pelajaran Basa sunda yaitu Pengertian Artikel dalam Basa sunda. Langsung saja simak selengkapnya dibawah ini


Pengertian Artikel Basa Sunda

Artikel nyaeta essey anu dimuat dina media massa saperti surat kabar, majalah, atawa internet. Ari eusina bisa mangrupa karya ilmiah, opini, atawa sawangan jeung pamadegan pribadi kana hiji hal, laporan lalampahan, atawa laporan ngeunaan kaayaan, bisa oge kritik kana hiji pasualan atawa kaayaan.


Macem-Macem Artikel Sunda

Upama nilik kana eusina artikel teh dibagi jadi 5, nyaeta:
  1. Artikel Narasi, nyaeta artikel anu nyaritakeun situasi atawa kanyataan boh dumasar kana runtuyan waktu boh kana runtuyan kajadian. Dina artikel narasi tangtu bae kudu aya tokohna. Sakumaha umumna dina carita, dicaritakeun lalampahan si tokoh dina nyanghareupan hiji kaayaan, konflik jeung pait peukeurna kahirupan.
  2. Artikel Deskripsi, nyaeta artikel anu ngagambarkeun kaayaan atawa kajadian luyu jeung kanyataan atawa fakta nepi ka kabayang ku nu maca.
  3. Artikel Eksposisi, nyaeta artikel anu medar hiji jejer. Bisa mangrupan pedaran, ngeunaan wangenan, atawa bagian tina gunana hiji konsep atawa bisa oge mangrupa lengkah-lengkah, cara-cara, atawa proses migawe hiji hal.
  4. Artikel Argumentasi, nyaeta karangan anu diwuwuhan ku alesan-alesan, kasangtukangna mangrupa kritik kana hiji perkara atawa pamadegan. Cirina biasana aya opini (sawangan/kamandang) pribadi tapi didasaran ku fakta jeung nepi ka katasima ka nu maca.
  5. Artikel persuasi, atawa disebut oge artikel pangjurunglaku atawa motivasi anu eusina mangrupa pangajak pikeun ngalakukeun hiji hal anu dianggap aya manfaatna.
Baca Selengkapnya

Bagian Carita Pantun : Rajah, Deskripsi, Narasi, Dialog, Monolog, jeung Rajah Panutup

bagian carita pantun
Carita pantun teh mangrupa wangun ugeran (puisi). Dijerona diwangun ku sababaraha bagian : aya bagian rajah, bagian deskripsi, bagian narasi, dialog jeung monolog, jeung rajah panutup/pamunah.
Baca Selengkapnya : Pengertian Carita Pantun Lengkap

Rajah Pantun

Bagian rajah teh biasana sok ditembangkeun ku juru pantun samemeh mangkat carita. Eusi rajah mangrupa sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rek ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk teh hartina menta idin, menta pangrakarsa jeung pangriksa ti nu ngageugeuh eta lembur sangkan saralamet. Menta kasalametan teh lain keur nu dipangmantunkeun bae tapi kaasup nu mantun jeung nu lalajo eta pantun.

Nilik eusina, rajah teh lain mangrupa bagian tina carita. Tapi sanajan kitu, mangrupa bagian penting dina pantun. Rajah mangrupa salah sahiji ciri utama anu ngabedakeun carita pantun jeung seni (sastra) sejenna. Nu matak mantes upama aya nu nyarita, lain carita pantun upama euweuh rajahan.

Rajah teh salilana aya dibagian awal carita pantun. Aya nu panjang, aya nu pondok deuih. Panjang-pondokna rajah jeung beda-bedana rajah henteu gumantung ka juru pantunna. Sanajan caritana beda, upama dilalakonkeun ku juru pantun anu sarua, bisa jadi rajahna oge heunteu beda.
carita pantun

Narasi Pantun

Bagian narasi atawa nyaritekeun, ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna. Beda jeung rajah katut kajadian deskripsi (papantunan), lebah bagian narasi mah henteu ditembangkeun. Tapi sanajan kitu angger bae dipirig ku kacapi najan ukur digalantangkeun bae oge.

Deskripsi Pantun

Bagian deskripsi nyaeta bagian anu ngagambarkeun tingkah paripolah tokoh carita dina hiji kajadian, saperti putri dangdan, lengser lumpat, satria perang, satria ngapung, hayam diadu jeung sajabana. Salian ti eta, bagian deskripsi te ngagambarkeun oge pangrasa hate saperti sedih, ngangres, ngenes, ambek, hareneg, jeung sajabana; sarta ngagambarkeun kaayaan.

Bagian deskripsi teh sok dihaleuangkeun ku juru pantun, nu matak sok disebut oge papantunan. Kaasup bagian nu pikareuseupeun, lantaran umumna juru pantun ngagunakeun gaya basa babandingan anu lucu tur karikatural pikeun ngagambarkeun kajadian atawa kaayaanana.

Dialog

Bagian dialog atawa paguneman nyaeta paguneman antara parapalakuna. Sakumaha umuna dina karya sastra lainna, dialog teh di antarana pikeun ngagambarkeun watek atawa karakter palaku, ngalancarkeun jalan carita, sarta nepikeun gagasan-gagasan.

Monolog

Monolog teh nyarita sorangan atawa nyarita dina jero hate. Contona monolog Lutung Kasarung dina pantun Lutung Kasarung,

Rajah Panutup

Pengertian rajah panutup teh hampir sarua jeung pengertian rajah dilihur. Ngan ari rajah panutup mah dihaleuangkeunana pas diakhir carita pantun.
Baca Selengkapnya

Pengertian Carita Pantun

Pengertian Carita pantun
Carita pantun atawa lalakon pantun nyaeta carita rekaan anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan (ritual) anu disebut mantun. Mantun biasa dipirig ku kacapi sarta biasana dihaleuangkeun. Carita pantun biasanya dipagelarkeun sapeuting jeput nepi ka tutug teh dimimitian ti bada isa. Ukuran carita pantun umumna paranjang. Dumasar kana mediana, carita pantun gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu mere kesan pamohalan.

Carita pantun teh kaasup sastra lisan. Turun tumurunna jeung sumebarna tatalepa ku cara lisan. Munasabah upama dina kamekaranana timbul sababaraha versi. Aya pantun Bogor, aya pantun Priangan, jeung pantun Baduy.

Upama nililk kana eusina, carita pantun teh umumna ngabogaan pola nu sarua, nyeta ngalalakonkeun Raja Pajajaran, anu keur ngalegaan nagara anyar, atawa neangan pijodoeun. Ari pola jalan carita pantun umumna teh kieu : Satria ngalalana, upamana bae lantaran neangan putri piprameswarieun. Sapanjang ngalalana, loba kajadian anu karandapan, saperti peperangan jeung musuh. Ahirna satria pajajaran teh unggul perangna, tuluy ngadahup ka putri, sarta ngadeg raja.

Nilik kana alur caritana, aya dua golongan, nyaeta galur leunjeuran jeung galur simpay. Galur leunjeuran nyaeta galur carita nu ngaleunjeur, lempeng. Kapanggihna tina nitenan ruruntuyan kajadian dina unggal episodeuna. Dina pungkasan carita, anu ngalalakon teh henteu kacatur mulang deui ka nagara asalna.

Lalakon pantun nu kaasup golongan galur simpay teh henteu rea. Contona : pantun ciung wanara, lutung kasarung, jeung mudinglaya di kusumah. Lalakon pantun anu leunjeuran caritana galur simpay teh, umurna leuwih kahot (batan anu caritana galur leunjeuran).

Upama nilik kana wangunna, carita pantun teh mangrupa wangun ugeran (puisi). Dijerona diwangun kusababaraha bagian : aya bagian rajah, bagian deskripsi, bagian narasi, dialog jeung monolog jeung rajah panutup/pamunah.
Baca selengkapnya : Bagian Carita Pantun : Rajah, Deskripsi, Narasi, Dialog, Monolog, jeung Rajah Panutup
Baca Selengkapnya